Mikawanoh Gaya Basa (Majas) Dina Basa Sunda

Si cepot astrajingga

Gaya basa atawa majas dina basa sunda aya mangrupa-rupa diantarana :

1. Gaya Basa Mijalma (Personifikasi)
2. Gaya Basa Rarahulan (Hiperbola)
3. Gaya Basa Kadalon
4. Gaya Basa Ngupamakeun (Simile)
5. Gaya Basa Lalandian
6. Gaya Basa Ngasor (Litotes)
7. Gaya Basa Ocon (Metonimia)

1. Gaya Basa Mijalma (Personifikasi)

Gaya basa mijalma atawa personifikasi nyaeta gaya basa nu ngibaratkeun barang, sasatoan atawa tutuwuhan mibanda kalakuan jelema. Conto:
  • Angin ngarandeg, panonpoe nyumput tukangeun mega.
  • Halimun nu beuki kandel nyimbutan nu keur tarung begalan pati.
  • Bulan ngerejep serabeun ku balebat nu nguliat Beulah wetan.
  • Cihcir ngawih tengah peuting
  • Pare beuneur tarungkul siga menekung

2. Gaya Basa Rarahulan (Hiperbola)

Gaya basa rarahulan nyaeta rakitan basa nu gunana pikeun ngayakinkeun nu sejen. Yen sakur nu diomongkeun the enya enya benerna, nepi kaleuleuwihi nu antukna teu saluyu jeung kanyataanana. Gaya basa rarahulan sok disebut oge hiperbol. Asalna tina basa Yunani, hyper (ngaleuwihan) + ballein (ngebrehkeun). Pihartieunana cara ngebrehkeun hiji hal kalawan kaleuleuwihi. Contona
  • Ari maneh ngareureuwas, ieu jantung kuring meni coplok karasana teh.
  • Sawahna satungtung deuleu
  • Daek medu teu boga duit sapeser bengo.
  • Padudukanana meni sagede alaihim.
  • Bakat ku ambek, beungeutna meni beureum euceuy.

3. Gaya Basa Kadalon

Gaya basa kadalon nyaeta rakitan basa anu ngagunakeun kecap kecap pikeun ngebrehkeun maksud atawa pikiran leuwih ti mistina. Anu geus écés di écéskeun deui. Dina basa asingna disebut pléonasmeu. Contona :

  • Aduh naha bet rieut sirah.
  • Geura asup ka jero.
  • Itu manuk ngapung ka luhur.
  • Cekel ku leungeun ngarah teu bahé sayur téh.
  • Déngékeun ku ceuli papatah nu jadi kolot téh.

4. Gaya Basa Ngupamakeun (Simile)

Gaya basa ngupamakeun nya éta gaya basa nu ngabandingkeun hiji hal jeung hal séjén nu ngandung harti saperti. Gaya basa ngupamakeun biasana sok ngagunakeun kecap babandingan saperti badis, kawas, siga, cara, saperti, lir, ibarat, jeung sajaba ti éta. Conto :

  • Bahrum hulang huleng bangun nu bingung.
  • Budak téh badis bapana.
  • Adatna kawas indungna.
  • Lina mah cara merak, beuki pisan kana lada téh.
  • Anakna geulis lir widadari turun ti kayangan.

5. Gaya Basa Lalandian

Gaya basa lalandian nya éta gaya basa nu ngagunakeun kecap panglandi pikeun nuduhkeun barang atawa hal nu ngabogaan sipat nu sarua. Conto :

  • Béntang kelas kuring mah, keur pinter téh kutu buku deuih.
  • Balik ti Kota Tauco, manéhna nyimpang heula ka adina nu ngumbara di Kota Kembang.
  • Kembang désa dilamar ku jajaka gandang.
  • Generasi harepan bangsa ulah kabawa ku sakaba-kaba atuh.

6. Gaya Basa Ngasor (Litotés)

Gaya basa ngasor atawa litotes nyaéta gaya basa nu dipake pikeun ngasor, pikeun ngarendahkeun diri, pikeun ngahargaan atawa ngajenan jalma anu diajak nyarita. Pikeun ngarendahkeun diri sangkan henteu dianggap adigung, nu nyarita ngagunakeun kecap-kecap nu hartina patukang tonggong jeung kanyataan sabenerna. Upama baé :

  • Manéhna téh jalma pinter tur beunghar, ngakunamah tuna harta tuna harti.
  • Usaha anakna téh maju jeung gedé deuih, disebutna mah léléngkah halu diajar kénéh.
  • Nyaritana the bérés, mérélé tur jéntré da puguh ahlina, ngakuna mah sumanggem sabulan bentor kawantor sanes ahlina.
  • Mirah sapatu abimah, mésérna ogé ti loak (sapatuna mahal, meulina ogé ti toko)

7. Gaya Basa Ocon (Métonimia)

Gaya basa ocon atawa métonimia nyaéta gaya basa nu dipaké pikeun ngaganti ngaran barang ku kecap séjén nu diasosiasikeun jeung barang anu dimaksud. Conto, Cocacola maksudna inuman nu mérekna Coca Cola, Clear maksudna sampo mérek Clear, Budiman maksudna beus, jsb.
Previous
Next Post »

3 comments

Write comments
October 13, 2016 at 4:56 AM delete

Jazakallah. Mugia tiasa nambihan https://vracarsa.blogspot.co.id/2016/08/gaya-basa-ngupamakeun.html

Reply
avatar